Tuesday 7 October 2014

0

Fikmin Sunda: Lapar

  • Tuesday 7 October 2014
  • Unknown
  • Share
  • Tilu poe saméméh qurban, domba, sapi jeung onta saalam dunya ngaraleungit. “Sapi uing leungit!” jalma tingjarerit. “Domba aing euweuh!” jalma tingkocéak. Kukurilingan. Kokotéténgan. Allahu akbar, Allahu akbar… Lus-les, munding, hayam, anjing, bagong jeung kabéh sasatoan milu ngaraleungit. Jalma beuki déprési. Ngagarimbung di unggal alun-alun. Ngamang-ngamang bedog. Can aya peunciteun. Néangan peunciteun. Beuteung geus lapar hayang daging. “Kami rék meuncit naon atuh?” Naon. Naon. Rét mitoha ka minantu. Rét minantu ka mitoha. Salaki jeung pamajikan silih polotot. Hansip jeung polisi silih senghor. Supir angkot jeung tukang ojég pahereng-hereng. RT-RW. Camat-bupati. Gubernur-walikota. Silih ancam. Pamaréntah langlang-lingling. “Kami rék meuncit naon siah?” Naon. Naon. Rét menteri ka presidén. Rét presidén ka menteri. Anggota DPR silih delék. Silih haok. Paraséa. Buringhas. Pating berélé. Ngahiem. Babaung. Silih gégél. Silih hakan!

    [07 Oktober 2014 11:42:11]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Lapar”

    Post a Comment

    Subscribe